Senin, 31 Agustus 2009

Bubuka

NYANGSIDU

salam kasadaya sareng rohmat kalih barokah ti gusti alloh anu kawasa kana sagala perkara..shalawat sareng salam mugia didugikeun ka junjunan alam muhammad SAW..

Dina ieu kaleresan pribados bade muka rohangan kanggo seseratan, lalampahan, Ajén Inajén umumna kanggo sadaya hususna kanggo pribados nyalira(upami pareng mah numpeng heula siganamah,heuheuheu)..upami aya seseratan ti simkuring anu tiasa malik ngajantenkeun raheut manah ka salira nyuhunkeun dihapunten sateuacanana..malih ,upami aya seseratan anu lepat nyuhunkeun dioméan..teu emut simkuring oge nyuhunkeun bantosanana kanggo kritik jeung saran ka simkuring langsung tiasa di e-mail keun ka Profrof@yahoo.com..supados teu aya bancang pakewuh antawis pribados sareng sadérék anu maos na..dina ieu judul "nyangsidu" teh pribados rumaos teu acan seueur pangalaman nana dinu média anu kiu édun na..urang sunda ogé ulah kuuleun meureunan..ceuk bahasa indonésia namah kedah SUPEL..dina ieu kasempetan ogé simkuring téh nyeratna ku bahasa sunda,da kaleresan simkuring teh upami ngalamun ogé ku bahasa sunda sanés ku bahasa prancis,heuheuheu..upami aya patarosan mangga ngacung baé atanapi manyun baé! heuehuehue, engké ku simkuring diwaler (dijawab) patarosan2 nana..dugi ka danget ieu ogé simkuring masih ngalélényéhan bahasa sunda anu sakieu kaayaannana..duka énjing jaga ning géto mah, insya alloh hoyong marencahan bahasa-bahasa anu kiwari ayana..namung kanggo ayeunamah lelembutan simkuring hoyongeun nyurup ku bahasa sunda saurnatéh..mugia tiasa janten inpirasi saur basa inggris namah atanapi tiasa janten sirepan boh kanu jiwa atanapi raga urang sadaya..upami nyandak istilah simpel namah mugia tiasa janten pangéling-éling/pangemut-emut ka urang sadayana..amin..alhamdulillah dipasihan jagjag sareng kakiatan kanggo tutulisan anu sakieu ayana..Oge ka sadayana mugia dipasihan kakiatan sareng umur anu panjang ti anu maha kagungan sagala perkara..amin.
simkuring mayunkeun kecap/kata (sanes "kecap ABC") "nyangsidu" téh nyaéta kanggo panggugah kanggo salira tinu awal sadaya perkara ku sikep "nyangsidu".
"nyangsidu" upami diparencahan mah seueur maknana sareng seueur simbol sareng siloka khususna di rohangan dunia anu nuju dijabanan ku simkuring..Nyangsidu téh dicandak ku simkuring tina babasaan barudak pangulinan simkuring..tiasa hartosna nyangsidu=nyangsaya di sisi kadu..tiasa nyangsidu=nyantéi jeung si dudu..tiasa nyangsidu=nyandu dulu jeung sididu..nyangsidu=nyantei dulu..seueur pokonomah hartosannana..malihan upami pareng mah urang badantenkeun sareng simkuring kalih saparakanca bari ngadu bako..namung anu janten pokok pikiran namah nyaeta, "nyangsidu" teh ngandung arti kanggo sikep,nyaeta sikep anu nyangsidu..anu kumaha sikep anu nyangsidu teh?..upami saur simkuring pribados mah nyangsidu teh nyaeta kagungan artian nyantéi,tenang,kalem,sabar sagalana insya alloh aya dina kagampangan bari diparancahan,dilakonan, asal kudu nyangsidu..kitu cnah.
.hayu atuh urang nyangsidu..hidup si nyangsidu.
.sakitu heula,ké dilajeung dai..hatur nuhun.

wassalam mu’alaikum warahmatullahi wabarokatuh..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar